Kamis, 26 Juni 2014

naskan+cerita+bahasa+sunda+lucu



Dompet
Oman umurna karek tilu welas tahun. Unggal balik sakola maneh na sok dagang es, ngider ka saban tempat. Keur mah ngenah es na teh, murah deuih, atuh atuh loba jalma boh kolot boh barudak pada meuli es si oman. Atuh es na beak-beak bae saban poe teh. Balik sakola oman semu rusuh, hayang gera tepi ka imah. Hayang geura ngider keun es deui.
Oman : “( bari rusuh ) Assalamualaikum..”.
Ema :” wa’alaikumsalam... aya naon man ribut- ribut teuing...”
Oman:” teu nanaon ma.. oman mah bade langsung dagang es deui nya ma..”
Ema :” sok.. nyokot na sina rada loba kajeun.. mmoal dahar la maneh teh..?”
Oman : “ah moal waka ke we tos uih dagang..”
Ema:” oh nya heg att man..”
                Ti iman oman langsung ngider ka saban imah di kangpung na, keur jongjon leumpang, ari pek manehna nenjo dompet ngagoler di sisi jalan,
Oman: “( luak lieuk) hah dompet saha ieu..???? ( bari di cokot duit na). Padu wae mice dompet teh geuning, ehh boa murag ketah. Ah mending balik heula ari manggih anu kieu mh..”
                Tepi ka imah, dompet teh di asupkeun ku oman di handapeun kasur.
Oman : “( Bari ngasupkeun dompet tadi ka handapeun kasur) tahh di dieu yeuhh bakal aman mah..”
Ema : “( teu ujug ujug datang di tengah imah)Oman, aya naon siga anu tas manggih ka ruas.?”
Oman: “Ah.. teu ma, teu aya nanaon !”
Ema:” sok atuh geura dahar heula. Lain rek ngider deui..?”
Oman :” Muhun ma.. ma ieu sayur naon,.?”
Ema : “eta teh sayur jukut.. ehh.. eta teh sayur bayem..”
Oman :” ma.. es teh seer keneh teu..?”
Ema : “loba tuh dina kulkas. Aya naon ktu..?”
Oman : “teu ah teu aya nanaon..”
                Geus dahar oman langsung ngideur dagang es deui.bedati sasarina Oman teh teu pati jongjon dagangna. Manehna bingung tur hariwang mikiran dompet panimu.
Oman :”kumaha lamun dompet eta ka panggiheun ku si ema nya..? ku maha mun aya nunyusulan ka imah nya? “
                Basa mulang tas ngideur dagang es, Oman pohara ngagebegna barang nenjo indungna ngasongkeun eta dompet.
Ema: “Man ari ieu teh dompet saha bet aya dina handapeun kasur ?”
Oman:” Du... duka ma?.. eh eta mah dompet oman ketang ma..?”
Ema :” Ari oman boga dompet ti mana ? Ema mah can pernah nenjo oman sok mawa dompet ! geus ayeuna mah mending jujur bae ka ema, ti mana eta dompet teh.?”
Oman :” Enya atuh ma.. abdi mah jujur we ka ema, eta teh dompet pamanggih oman ti jalan amari basa keur dagang es..”
Ema:”  Aduh gagabah geuning, kumaha mun eta teh dompet anu nyulurkeun ! komo deui ieu dompet duitna loba pisan aya kana dua ratus rebuan nana ! Omat isukan mah pulangkeun, ari aya  alamat anu boga na mah !”
                Peting na oman ngalamun terdiam.. J mikiran kabogoh na..eh mikiran eta dompet.. J
Oman :”  ( ngagerentes )Eta dompet teh kudu di pulangkeun kanu bogana ? ceuk ema mah duit na aya kana  dua ratus rebuan. Beu lamun boga duit sa kitu, kuring bisa ngajak si itu jalan atuh? Ah geuning lamun boga duit sa kitu mah di pake jang meli barang jeung bahan es sangkan lewih loba atawa ema bisa muka wawarungan.”
                Samentara eta, si ema sareung si bapa ngobrol di tengah imah
Ema:” pa..?”
Bapa:” aya naon ma”
Ema :” ieu anak urang teh sigana manggihan dompet anu batur,, tah ku bapa anter gih jang neangan anu boga eta dompet teh..
Bapa:” ayeuna ieu th..?”
Ibu :”nya ayeuna atuh pa..”
                Bapa si Oman langsing ngagidig ka kamar si oman
bapa :” ( ngagidig ti imah ) Keur naon man, siga anu anteng kitu ngalamun teh? “
Oman : “ieu pa , saur ema dompet teh enjing kedah di pasihkeun, abdi teh bingung kumaha engke mun tos tepang sareung anu kagungan nana ?”
Bapa :” ayeuna mah kieu bae atu man, isukan sareung bapa uranganteurkeun. Ari alamat na aya?”
Oman :” aya pak dina KTP-na ( Bari nunjukeun KTP  anu aya dina eta dompet ).”
Bapa :” oh nya atuh sae ari aya KTP-na mah ...
Tapi :” bener nya pa ku bapa di anter ka bumi anu gaduh ieu dompet ?
Bapa :” enya bener... -_-
                 Isukna oman di anteur ku bapa na nyusul jalma anu boga dompet luyu jeung alamat anu aya di dinya. Teu lila eta alamat teh kapangih.
Bapa :” tah ieu man alamat anu aya dina ieu dompet mah.”
Oman :” bener ieu pa..?”
Bapa :” nya ieu.. sok atuh geura ketrok pantona..!”
Oman : “( bari ngetrok eta panto) Assalamulaikum..?”
                Oman ngetrokan panto bari uluk salam, kulutrak kadenge aya anu ngalaan konci bray panto di buka.
ibu anu leungit dompet : “Wa’ alaikumsalam, aehh saha tea nya? Sareung bade ka saha?”
Oman :” Abdi pun Oman sareung ieu pun bapa. Bade nepangan ka ibu !”
Ibu anu leungit dompet : “Mangga atuh lalinggih ! aya pikeresaeun naon nya? Asa rareuwas..”
( baru ngagidig ka jero imah )
Bapa : “ieu bu.., manawi leres, dupi ibu kantos ka icalan dompet?”
Ibu anu leungit dompet :”Oh... sumuhun na kumaha kitu ?”
Oman : “Abdi kamari waktos icalan mendak ieu dompet!( Bari ngasong keun dompet ka bapa anu leungit dompet tadi )”
Ibu anu leungit dompet :” Alhamdulillahirabil’alamin. Aduh... hatur nuhun pisan kasep. Leres ieu teh dompet Ibu !( bari bungah )”
Bapa :” oh nya ari leres mah sae atuh.. ari ku kituna mah pa mangga abdi sareung pun anak bade pamitan heula.”
Ibu anu leungit dompet : “nya mangga atuh.. hatur nuhun nya kasep( bari ngusap si oman )tah ieu kanggo ujang ( bari ndgepelan duit ka si oman )”
Oman : “oh enya nuhun paa...”
                Oman jeung bapana marulang bari hate bungah lantaran geus bisa mikeun dompet kanu bogana.  Geus tepi ka imah na si oman langsung dagang deui cara kamari- kamari deui.
tamat








NASKAH DRAMA BAHASA SUNDA
( dompet )


5-Point Star: BAHASA SUNDA
 








Pemain :
-          Ahmad mulyana ( oman )
-          Nursizia ( ibu anu leungit dompet )
-          Denis mr ( bapa )
-          Sintia robiah ( ema )
Crew :
-          suci fitria B
-          Syarif H



MTsN RANCAGOONG
                                                                                                            ADIDASTM





























Tidak ada komentar:

Posting Komentar